SURAT TI BAPA

SURAT TI BAPA

Buat yg ngerti bhs sunda, indah sklgs haru,...

(panggeuing keur hate anu tibra sare
tawis kasono ka bapa
anu tos dipundut ku Nu Gaduhna)

Anaking, anak Bapa
kiwari Bapa geus nepi
ka lembur anu sabenerna,
lembur nu beda
jeung lembur urang baheula.

Anaking, anak incu Bapa
mun isuk-pageto
hidep sono hayang papanggih jeung Bapa,
tuluy hidep baralik ka lembur jiga baheula,
omat tong angkaribung barang bawa,
sabab Bapa
geus lain Bapa anu baheula !
do'akeun wae Bapa ku aranjeun
ayeuna Bapa ngan butuh do'a ti aranjeun

Anaking, kamelang Bapa!
mun hidep nyaah ka Bapa,
teu kudu bingung mulang tarima,
tapi cukup bejaan Bapa:
yen hidep geus jadi jalma soleh,
geus jadi hamba Alloh ahli ibadah
bari salawasna terus ngadu’a
sangkan aya dina ridlo Anjeuna

Anaking,
mun hidep nyaah ka Bapa,
cukup bejaan Bapa:
yen hidep nyaah ka Bapa,
akur jeung dulur,
runtut-raut sauyunan
silih hargaan silih elingan
silih tulung silih bantu
gogonjakan jiga baheula!

Anaking,
pang bejakeun ka anak incu bapa,
yen bapa ka hidep !
nyaah ku lucu na, nyaah ku bela na,
nyaah ku sumanget na!

Bejakeun ka kulawarga hidep
Bapa geus nepi ka nu dituju,
Bapa rek satia nungguan,
di dieu,
di hareupeun panto surga!

Anaking, anak-incu bapa
Bapa hayang mere beja
nyambung beja anu baheula:
nu manfaat di dieu, di alam baka;
geuning lain harta, lain tahta,
lain pangkat, lain jabatan,
tapi wungkul amal soleh waktu di dunya nu dibungkus iman jeung takwa!

Ayeuna ku bapa geus karasa,
geus karasa!
karasa endahna solat jeung puasa, karasa endahna zakat,
karasa endahna mikanyaah fakir-miskin,
karasa endahna akur jeung dulur,
bari heman ka tatangga!

Anaking, anak-incu bapa, bapa nitip
poma ulah takabur, tapi kudu loba syukur
ulah sasar tapi kudu loba istigfar,
ulah salah tapi kudu loba ibadah,
 
Anaking,
hampura bapa, bapa sono ka aranjeun kabeh
meungpeung aya keneh di alam dunya
poma ulah tinggaleun sholat, ngaji qur'an,
ulah poho ka fakir miskin,
nulung kanu butuh, nalang kanu susah
ulah poho, du'akeun bapa tiap ba'da sholat

Sakitu surat ti bapa
Hampura bapa

Komentar